Gusti Urang Sarerea

Gusti Urang Sarerea

Juli 24, 2015

Ini adalah pupujian yang biasa saya lantunkan sewaktu kecil dan harus turun temurun ke anak cucu nantinya.

Gusti urang sarerea, Kanjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana, Arab Kures nya bangsana
Ramana gusti Abdullah, Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeunna di Mekah, Wengi senen taun gajah

Robiul awwal bulanna, Tanggal kadua welasna
April bulan masehina, Tanggal kaduapuluhna
Ari bilangan taunna, Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna, Sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur, Waktos babarna kacatur
Ningal cahya mani ngempur, Dibumina hurung mancur
Babar taya kokotoran, Orok tos kenging nyepitan
Soca lir kenging nyipatan, Sarta harum seuseungitan

Medal Nabi ahir jaman, Pirang-pirang kaanehan
Sesembahan bangsa setan, Kabeh pada raruksakan
Nabi yuswa lima bulan, Geus yasa angkat-angkatan
Yuswana salapan bulan, Geus capetang sasauran

Yuswana sapuluh bulan, Yasa ameng papanahan
Ngelehkeun budak nu lian, Tapi tara kumagungan
Parangina Kanjeng Nabi, Jatnika pinuh ku puji
Pinter tur gede kawani, Sabar nyaah ka sasami

Keur opat taun yuswana, Diberesihan manahna
Nabi dubeulah dadana, Malaikat nu meulahna
Jibril kadua rencangna, Mikail jenenganana
Ngeusikeun kana manahna, Elmu hikmah sapinuhna

Tuluy dada kanjeng Nabi, Gancang dirapetkeun deui
Sarta teu ngaraos nyeri, Dicap ku hotaminnabi
Harita Nabi ayana, Di lembur ibu inangna
Halimah jenenganana,Sadiah ngaran lemburna

Rama Nabi kacaturkeun, Pupusna kacarioskeun
Basa Nabi dibobotkeun, Dua sasih kaunggelkeun
Keur lima taun yuswana, Ditinggal pupus ibuna
Tuluy dirawat eyangna, Abdul mutolib asmana

Kersana robbul’alamin, Kanjeng Nabi nu prihatin
Yuswa dalapan taun yakin, Eyangna mulih ka batin
Sabada wapat eyangna, Nabi dirawat ua na
Abi Thalib kakasihna, Saderek teges ramana

Kanjeng nabi sering pisan, Dicandak ka nagri Syam
Sok nyandak barang dagangan, Di dinya teh pajeng pisan